Harti Puisi + Sastra

HARTI PUISI

1. S.T.Coleridge (Barat), puisi nya eta kecap-kecap nu alus dina susunan nu alus.

2. Malaysia:

a. Za’ba ngadefinisikeun puisi mangruppa karangan anu diwangun tina pikiran anu alus tur basana nu endah.

b. Moh.Salleh ngartikeun puisi mangrupa hiji bentuk anu kentel, loba unsur music basa, basana leuwih taliti, padet tur kadang-kadang sok ngadeukeutkeun kana lagu, temana diolah dina kahirupan sapopoe tapi disembahkeun ka nu maca jeung ngadenge.

3. Edgar Allan Poe, puisi nya eta ciptaan ngeunaan hiji kaendahan dina wangun berirama.

4. William Wordsworth, puisi mangrupa pangucapan anu imajinatif tina perasaan anu jero, biasana sok sacara spontan ngeunaan perasaan anu timbul kana dya inget dina kaayaan tenang.

5. Matthew Arnord, puisi nya eta kritikan kahirupan nurutkeun kaayaan nu datang tina peraturan ngeunaan kaendahan jeung bebeneran.

6. Theodore W tts-Dunton, puisi mangrupa hiji pangecapan anu kongkrit jeung artistic ngeunaan pikiran manusa ngaliwatan pamakean basa nu emosional tur berirama.

7. Andrew Braley, puisi mangrupa runtuyan pangalaman ngeunaan sora, imej, tingkah laku jeung emosi.

8. Edwin Arlington Robinson, puisi mangrupa basa nu nepikeun hiji hal anu hese diungkapkeun.

9. Auden, puisi mangrupa rekaman detik-detik nu endah dina kahirupan manusa.

10. H.B.Jassin, puisi mangrupa ucappan hiji fragmen pangalaman tina hiji kaseluruhan seniman.

11. Shahnon Ahmad, puisi nya eta rekod jeung interpritasi pangalaman manusa nu penting jeung diubah dina bentuk nu paling berkesan.

12. Usman Awang, puisi lain mangrupa hiji pernyataan sikap kana sakabeh kahirupan manusa.

13. A.samab Said, puisi nya eta hiji pernyataan perasaan jeung pandangan hirup saurang penyair.
Diposkan oleh de astri di 09:33 0 komentar
Harti Sastra

HARTI SASTRA

1. Plato, netelakeun yen sastra teh ukur titiron (mimesis) gambaran tina kanyataan. Ku sabab kitu, sastra teh gaplah.

2. Aristoteles, nganggap yen sastra teh mangrupa kagiatan utama manusa pikeun neangan jati dirina, di sagigireun ngaliwatan kagiatan sejenna saperti agama, elmu pangaweruh, jeung filsafat.

3. Eagleton, nyebutkeun yen sastra teh tulisan imajinatif dina harti fiksi tulisan anu henteu ngandung bebeneran sacara harfiah.

4. Luxemburg, ngeceskeun yen sastra teh bisa mere sawangan nu leuwih umum ngeunaan pasualan manusiawi, sosial atawa intelektual.

5. Semi, netelakeun balukarna tina sawangan nu beda-beda ngeunaan konsepsi sastra teh nya eta gelarna sawatara pamarekan dina kajadian sastra.

6. Nurutkeun Ajip Rosidi dina buku nu judulna Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Sastra asal kecapna tina basa Sansekerta “castra” nu hartina hukum atawa aturan. Bisa oge dihartikeun sarua jeung “Literature”, “Wortkunst”, nya eta hiji cabang kasenian anu ngagunakeun basa minangka mediana, atawa hasil kretivitas estetis manusa anu gumelar dina basa.

7. Rene Wellek & Austin Warren, dina bukuna Teori Kasusastraan. Manehna ngabogaan sawangan ngeunaan sastra nya eta hiji kagiatan kreatif, atawa hiji karya seni. Sastra mangrupa institusi sosial anu make medium basa. Sastra oge minangka sagala sesuatu anu ditulis atawa dicetak.

8. Prof.DR.A.Teeuw, dina bukuna sastra & Ilmu Sastra. Sastra sarua jeung literature (Inggris), literatur Jerman), litterature (Prancis). Tapi dina basa Indonesia Sastra asalna tina basa Sansekerta, akar kecap sas “ngarahkeun, nagajar, mere pituduh atawa intruksi. Ahirna tra biasana nunjukeun alat, sarana. Jadi sastra bisa dihartikeun alat pikeun ngajar, buku pituduh atawa pangajaran. Misalna: silpasatra, buku arsitektur, kamasastra.

9. Jay adalah Julian, sastra mangrupa wujud pikiran dina wangun tulisan.

10. Dr. Abdullah Dahana, (Dekan FIPB UI) sastra mangrupa elmu anu ngulik atawa ngaji kabudayaan sacara luas.

11. KBBI nyawang sastra nya eta:

a. Basa (kecap-kecap, gaya basa) anu dipake dina kitab-kitaaaab (lain basa sapopoe).

b. Karya tulis, mu lamun dibandingkeun jeung tulisan sejen, ngabogaan ciri kaunggulan saperti kaaslian, kaartistikan, kaendahan, dina eusi jeung ungkapan.

12. Wikipedia Indonesia, sastra mangrupa kecap serapan tina basa Sansekerta sastra, nu hartina “teks nu ngandung instruksi atawa pedoman”. Sastra bias ngarujuk kana sakabeh jenis tulisan, tapi diina kasusastraan, sastra bias dibagi jadi sastra tulis atawa sastra lisan (sastra oral).

13. Artikel Hamdan nu judulna Sastra & Agama, ngabahas sastra. Nurutkeun Bagyo.S, sastra asalna tina basa Sansekerta anu hartina “tulisan atawa karangan”. Sastra biasana dihartikeun salaku karangan ku basa nu endah tur eusina hade. Sastra mangruupa basa anu kacurah dina wangun tulisan atawa lisan, unggul dina nilei seni, jeung sifat na ngadidik. Jadi sastra:

a. Mangrupa basa, runtuyan kecap-kecap, gaya basa, ungkapan.

b. Kacurah dina wangun kitab, karya tulis, tulisan, karangan, lisan.

c. Ngabogaan nilei seni, endah, atristik, asli.

d. Eusina mangrupa aajaran, pendidikan, instruksi, pedoman.

14. Roman Jacobson salah saurang kritis Formalis ti Rusia nyebutkeun yen sastra teh kaganasan anu terorganisir anu dilarapkeun kana basa sapopoe.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: